Kajian Sunda "Ngeureuyeuh Meumeuneur Shalat "


Dimana urang neja ngalaksanaken sholat kalawan miharep jadi sok komo di tampi maka sayogyana urang soson soson dina midamelna tikawit dugi ka akhirna cumpon syarat jeung rukunna turta laksana pasunatanana nebihan pangbatalanana malah nu utami hate urang bisa hadir /khusyu dina eta sholat margi estuning nu nangtuken nilai sholat ditarima jeung henteu eta sakumaha kadar ka khusyuna
Ka sauran mam ghozali  “penting piken tiasa khsyu,  hadir manah dina shalat ngahadirken manah ti kawit padamelan sateacan sholat,
Hal eta ka hartos pisan margi shalat lain padamelan sagawayah nu hade di togtag kayaning tuang jeung leeut
 Tina hal eta nya minangka pagaweaan nu kalakon memeh prak laksana sholat teh nyaeta :
1.  Adzan
Adzan mangrupaken pagawean nu jadi ladang ibadah ker anu ngalaksanakenana jeung anu ngadanguna lamun nilik kana faidahna mah tetela adzan teh ibadah anu   ageng kacida nlaina malah kasauran siti ‘Aisyah mah nu dimaksud ku jalmi nu pang hadena ucap dina  ayat
وَمَنْ أَحْسَنُ قَوْلًا مِمَّنْ دَعَا إِلَى اللَّهِ وَعَمِلَ صَالِحًا وَقَالَ إِنَّنِي مِنَ الْمُسْلِمِينَ
Jenng saha jalmana (teu aya ) anu lewih hade ucapna ti jalma anu ngajak ka Alloh jeung midamel sholeh jeng ngucap : saestuna kaula eta ti rengrengan nu pasrah sumerah QS fusshilat 33
Taya lian nyaeta jalmi nu tukang adzan ,
Malah pidawuh Nabi Saw.
"المؤذنون أطول الناس أعناقا يوم القيامة"
Jalma anu tukang gawe adzan eta pang panjangna beheung di poe qiyamah (Hr Muslim )
Kasaurana dei
"الإمام ضامن، والمؤذن مؤتمن، فأرشد الله الأئمة، وغفر للمؤذنين"
Ari imam eta anu nagging jawab ( kamamumna) ari nu adzan mah eta anu kapercaya maka Alloh nuduhken ka para imam jeung ngahampura ka tukang adzan ( Hr abi Dawud)
 Adzan teh mangrupaken ibadah anu hukumna sunnat ker salah saurangna lamun  sholatna lobaan ( sunnah kifayah ) lamun nyorangan maka sunnah ker dirina sorangan 

Ker jalma nu adzan kacida pentingna merhatiken tatakrama adzan supados sampurna menang ganjaranana
Anu di antawisna : Nu midamelna sunah ku pameget sanaos ku murangkalih anu ges hideng,  anapon ker para istri mah adzanna  minangka kenging keur dirina sorangan atawa keur jamaah para istri dei
Nyakitu dei Shalat anu di adzanana kedah shalat fardu anu diwaktuan lain shalat sunnah atawa janazah
Di syaratken tartib  tuluy-tuluy, kadenge jeung asup waktuna kacuali adzan subuh nu kahiji
Keur jalma nu ngupingna di sunahken ngawaler ku nguihan eta bacaan adazn kajabi dina ngaos حي على الصلاة حي على الفلاح  maka walerna ku ngaos لاحولا  jeung nalika maca tatswib ( assolatu khoirun ) maka ngaosken Shodaqta wabarorta sanajan teu gaduh abdas atanapi nuju hed , junub kecuali nalika sapatemon sareng nuju ka hampangan
Malah upami seer atanapi teras-terasan adzan nu kakuping oge sami sunnat sadayana di waler nanging nu langkung utami ngawaler adzan nu mimiti.
Langkung ti eta malar adzan bisa jadi pang jurung ngalaksanaken shalat bari khusyu maka penting di larapken nalika nguping adzan sajabi soson-soson  dina ngawalerna urang ngemut yen adzan teh mangrupi pangero ti Alloh Swt. piken madep ka anjena nyubadananan pangundangna  sedengken panggero ti Alloh teh lain kadar di dunya, da estuna panggero nu agung mah engke dina poe qiyamah anu bakal mutusken kaayaan diri alatan sikep urang dina nyubadanana panggero nu ayena di dunya


Emutken kumaha genting jeung pakewuhna, gemper dibarengan hariwang nandangan panggero ti malaikat nu netretken kaayaan urang anu hakiki lain pupulasan,   naha kumaha urang bakal digero bagja pami panggerona ‘’ya ayyuhal muminun, mutahaabbun, nanging naudzu Billah pami panggerona  “musyrikun munafiqun fasiqun dlolimun.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Contoh Teks pidato Anak-anak " menjadi Generasi Qurani''

Contoh Teks Pidato Anak anak "Generasi Islami"

Contoh Teks Pidato anak -anak " Giat Menuntut Ilmu "