Kajian Bahasa Sunda "Nu Dipikahoncewangken Ku Rosul SAW."


                 Dina mangsa kiwari sagala rupi ges langkung babari katut bewara ges kacida gampil dugi tong sok boro nu di dayeh dalah kuring nu di desa oge ges kalintang model dina alat tehnologi 
mang pirang pirang informasi nu dugi rea kacida anu karasa manfaatna tapi teu saetik oge nu teu pati ngesi komo katampa ku jalma model jalam kami, ti antara mangpirang-pirang bewara aya nu matak muridag bulu punduk malah mereun matak muriang, sabab nilik esina mangpirang-pirang wawadi atawa bewara pikasienen rehna musuh di nagri dengen teu ueren ereun ngamusuh jeung nyiapken tipu prdayana ka urang kaum muslimin,  cindekna dengen nu beda aqidah beki die bekii punjul dina sagala widang piken ngarogahala jeung ngabinasaken urang. eta berita teh mun di pikiran kusorangan nu borangan mah meren matak teu tibra sare teu ngenah dahar teu jongjon lumaku 

Dumasar hal eta lamun kuurang di telaah sejarah nu  kaliwat ti mimiti diutusna nu jadi rosul panungtung katut gumebyarna agama nu mulya kajagat raya urang bisa nenjo yen ges jadi sunnnatulloh ari kaayaan musuh nu digjaya jeung bedegong mah, naha ku urang teu ditengetan kapunjulan kakaisaran persia nu ges ngadeg lewih ti sarebu tahun ngawasa pajajahan parsi irak jeng iran kiwari nyakitu dei imperium romawi nu kacida kahot tantarana jeng lega kakawasana sadaya ngamsuh ka kaum muslimin nu cibdekna harita di anggap letik urang kampung teu katenjo gede mun dibanding dua pangawasa nu tadi

Tapi naha ku kaayaan kitu kaum muslimin jadi tagiwur tampolana teu tibra sare teu jongjon hirup ..walerna teu pisan pisan  ! dalah nu aya mah kaum muslimin kacida soson soson nyangharepanana tegedag kaelehken wawadi musuh nu antukna mah kamenangan bisa dihontal ku aranjena 
lamun urang rek lewih ditu nelaah sajarah bakal kitu pisan pamendak para nabi nabi nu tipayun kaom nu ngamusuh ka marantena sanes jalma ecek ecek dalah kaemut ku urang kumaha digjaya Pira'on atawa Namrud nya kitu dei kabedegongan kaom a'd jeung Tsamud sadayana mangrupi kaom nu Ku Alloh di nas bedegongna jenh pohara perdayana nanging teu ngajantenken lemah komo tagiwur kanu jadi utusan sarta para pengikutna.

Atuh lamun ku urang di tilik-tilik disimpilulken tetela yen kaayan sakumaha punjulna musuh lain hj-hjina ukuran pikahoncewangen urang tapi nu kudu ku urang di pikawaspada mah eta hal  sejen nu malah kudu di pikahoncewang isan nu ges natrat bahaya balukarna malah ges diwanti wanti ku jungjunan uran dna pidawuhna

ان اخوف ما اخاف على امتي اتباع الهوى وطول الامل 
''Saestuna nu pangdipikarempana perkara ti ummat kami nyaeta nutur hawa sareng panjang harepan''

Dua hal nudi dawuh ken ku Rosul teh tetela ageng kacida pikahoncewangna kangge ieu umat 
dalah sakumaha rongkah jeung lobana manusa lamun dina dirina masih ngancik nu dua eta tanwande bakal eleh kumusuh-musuhna , sabalikna sakumaha letikna jeng lemahna manusa anu teu ngalajur hawa nafsu bari teu panjang harepan kana dunya tinangtos bakal aya dina kapunjulan, kangge ngabuktoskenana mh kantun kuurang lenyepan kumaha lumampahna ie ummat dina enggonen ngemban tugas dakwah di dunya ti kawit Rosul umajak kakaom quraesy tuluy maranehna  seseerna nolak malah ngaringkangan,  nu akhirna ku Rosul sareng para sahabatna nu can patos seeur mangsa harita di harepan di medan peang mayunan kapir Quresy nu lewih tohaga dina jumlahna tapi alatan kataqwaan para sahabat lungsur pitulung nu agung dugika punjul aranjena.

Nya kitu dei dina mangsa-mangsa sabadana diterasken ku para kholifahna mayunan mangpirang-piang pasukan nagri dengen nu ges pada kawentar dina mangsa rebuan tahun ngajajah ngawasa nagri-nagri didunya, mayunan tantra Romawi nu lamun mangsa ayenamah katelah nagara adidaya , ummat muslimin teu elat menang kapunjulan nyakitu dei mayunan bangsa parsia sasania nu ges sarebu tahun ngawasa nujadi musuh nu utami ker romawi, hancur lebur ku urang arab nu dina mangsa harita teu kawentar ahli dina peperangan saneh tukang siasat jeng strategi nu handal, malih teu saetik-saetik ge diperhetangken bakal ngaruntuhken dua nagri adidaya eta , tapi dalah kitu buktina perjuangan nu dilandasi ku kaimanan anu kuat di barengan ku kawani nu badag nutimbul tina eweuhna 2 shifat nu dipikahoncewang ku Rosul Saw, Ummat muslim teu Weleh menang

Malah pami urang nitenan kasauran Sahabat Kholid bin walid nalika mayunan  Hurmus gubernur di wilayah parsia "kami datang mawa pasukan nu mikacinta kana paten seperti kacintaan maraneh kana kahirupan" eta kasauran Kholid sajabi piken ngalemahken mental musuh oge nembongken kaayaan muslimin nu sanyatana yen aranjena kuacintana ka Alloh Swt. sareng alatan kacida nyongsrongna kana jangjina ges teu kabita ku gumerlapna dunya jeung kanikmatanana nu jadi pangudag nafsu, sahinngga kacipta rek sakumaha badag kawani aranjena sabab teu aya nu di pika sien saetik saetik acan oge dalah ku paten oge nu jadi antek kasien dengen, aranjena mah teu saetik ge ngarasa sien.

Atuh nitenan hal eta mah ker urang nu hirup dina mangsa kiwari sakedahna jadi  pitutur nu luhur ngemut - ngemut kana kaayaan generasi urang ayena nu sakie ges  pikahariwangenana, sabab naon anu di pikahoncewang ku nabi teh ges natrat di zaman kiwari umat muslim nu cek itungan mah langkaung seer nanging lir ibarat budah di laut kurang daya kakiatan ,  dimana-mana di kekeak di aniaya ku dengen, lamun ku urang dibandungan tina polah urang tetela yen kalolobaan ummat muslim dina kahiruanana ker kapirepenan ku kaendahan dunya, ngalajur hawa nafsu nu di bantu ku majuna tekhnologi hingga ngajadiken kabetah didunya sien kacida ku paten nu antukna udaganana ngan sakadar dunya jeng kumaha mertahankenana, hingga nu aya lain wani dina berjuang tapi males jeng borangan. 
WallohuA'lam 
#Banyulana 13Robiul Awwal1441
@byAhda

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Contoh Teks pidato Anak-anak " menjadi Generasi Qurani''

Contoh Teks Pidato Anak anak "Generasi Islami"

Contoh Teks Pidato anak -anak " Giat Menuntut Ilmu "